Dongeng Sunda Bangkong Sombong





Kacaritakeun di hiji tempat nyaeta di sisi balong, loba sato anu ngadon imah-imah, nyarieun liang di dinya. Anu matak lamun reup peuting teh di dinya sok rame. Bangkong kang-keng-kong, gaang ngear, ditema ku sora-sora sato sejenna saperti jangkrik jeung cihcir ti jauhna. Malah sora bueuk oge aya.
Komo peuting harita mah keur hade poena. Sakadang Bangkong anu matuh di sisi balong, teu eureun-eureun kang- keng-kong, patembalan jeung sora sato sejenna, kawas anu patarik-tarik. Mangkaning bangkong jalu jeung geus kolot deuih. Atuh sorana oge tarik jeung agem.
Keur ngeunah-ngeunah tetembangan bari diuk dina daun tarate, torojol Sakadang Kadal, nyampeurkeun ka Sakadang Bangkong. Pok Sakadang Kadal ngomong, "Pangapunten Sakadang Bangkong, tetembanganana ulah tarik-tarik teuing!"
"Naha? Sora-sora kuring, anu tembang-anu tembang kuring, naha make ulah tetembangan?" tembal Sakadang Bangkong.
"Lain ulah tetembangan, ngan ulah tarik teuing we, Malah mun bisa mah tetembanganana ulah di dieu!" ceuk Sakadang Kadal deui.
"Naha? Imah-imah kuring, rek kitu rek kieu, nya kumaha kuring we atuh!" ceuk Sakadang Bangkong teugeug.
"Lain kitu, anak kuring keur gering, perlu istirahat. Tapi ayeuna teu bisa sare, lantaran kagandengan ku sora anjeun!" ceuk Sakadang Kadal.
"Eta mah salah sorangan atuh. Naha make hayang boga imah deukeut imah kuring? Apan nyaho kuring mah unggal peuting oge sok tetembangan!"
"Maksud kuring teh lain nyaram tetembangan. Ngan peuting ieu mah, sapeuting we, tetembanganana ulah di dieu!"
"Nya teu bisa atuh! Mun arek oge anjeun jeung anak anjeun anu indit ti dieu!"
Ngadenge omongan Sakadang Bangkong kitu, Sakadang Kadal henteu nembal deui. Manehna balik, sup kana liangna. Teu bijil-bijil deui.
Ari Sakadang Bangkong terus bae tetembangan. Malah siga anu ngahajakeun. Ayeuna mah tetembanganana bari jeung ngengklak sagala. Beuki lila beuki tarik, jeung beuki maceuh bae. Nepi ka teu kanyahoan yen ti tatadi manehna keur diintip-intip ku oray cai sagede leungeun budak. Gep bae Sakadang Bangkong teh disamber ku oray. Teu bisa hojah deui. Sakadang Bangkong anu sombong teh ayeuna mah teu bisa tetembangan deui, da tuluy diteureuy buleud ku oray tea.
Tah kukituna rehna anu sombong teh moal mawa berkah tapi bakal cilaka ku polah sorangan.

4 komentar:

rizkahaniyah said...

Sempalan dongeng diluhur ka asup kana wanda dongeng

Unknown said...

HAHAHAHA ITU DONGENG GWEH PAS LPMBA ANJIRRR

Unknown said...

Kak Bangkong sombong masuk ke dalam jenis dongeng apa

Anonymous said...

Dongeng Sunda Bangkong Sombong >>>>> Download Now

>>>>> Download Full

Dongeng Sunda Bangkong Sombong >>>>> Download LINK

>>>>> Download Now

Dongeng Sunda Bangkong Sombong >>>>> Download Full

>>>>> Download LINK

:)) ;)) ;;) :D ;) :p :(( :) :( :X =(( :-o :-/ :-* :| 8-} :)] ~x( :-t b-( :-L x( =))

Post a Comment

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...
 
free counters
SEO Stats powered by MyPagerank.Net

Followers

Untuk berlangganan artikel masukan email anda di sini:

Delivered by FeedBurner

IP

Daftar Isi

© Copyright 2010. klikonlinegue.blogspot.com . All rights reserved | klikonlinegue.blogspot.com is proudly powered by Blogger.com | Template by o-om.com - zoomtemplate.com