Beurit Pinter

NASKAH DONGENG BEURIT PINTER



Assalamu’alaikum Wr. Wb.
          Rengrengan girang pangajen anu ku simkuring dipihormat wilujeng tepang, nepangkeun simkuring Yolanda Yahya Pamilon Pasanggiri dongeng sunda ti Kacamatan Sindangwangi bade ngadongeng anu judulna “Beurit Pinter”.
          Kieu Caritana.
Kacaritakeun, aya dua beurit sajodo ngaliang dina gorong-gorong sisi jalan. Dina hiji mangsa, eta dua beurit teh lahlahan arasup ka imah arek neangan hakaneun, lantaran di jalan mah geus teu aya pupurieunnana. Pas kabeneran bae dina luhureun meja, breh maranehna manggih endog hayam hiji. Atuh puguh bae aratoheunnana. Karepna mah eta endog teh arek dipeupeuskeun didinya, rek tuluy diharakan. Tapi teu tulus lantaran teu kaur ngahakan balas ngarenjag,  rareuwasen ngadenge sora anu lempang jeung nu ngaromong.
          Ceuk beurit jalu “Beu, lamun kawas kieu baemah urang teh balik nyamos euy. Ayeuna mah mending hayu urang geuwat peupeuskeun bae eta endog teh, montong sieun-sieun!”
Ari ceuk nu bikang, “ Enyalah, geuwat hayu urang peupeuskeun, tapi kumaha lamun kapanggihan ku jelema, pasti cilaka. Endog lapur, urang digebugan. Ari hadena mah mending urang bawa bae ulah dihakan di dieu!”.
Ceuk nu jalu, “Ih, ari dibawa teh kumaha mawana? Ayeuna mah mending kieu bae, eta endog urang peupeuskeun tuluy dihakan di dieu. Mun kadenge sora jelema atuh nya geuwat lumpat ulah cicing bae.
Ceuk nu bikang, “Heueuh, najan urang lumpat oge, ari endog mah moal bakal kapuluk, matak ge ceuk uing mah mending di bawa bae”.
Ceuk nu jalu, “His, lain kitu. Cicingnya aing rek mikir heula sakeudeung. Yeuh, ayeuna aing manggih akal. Kieu geura dengekeun ku maneh! ku aing eta endog arek ditangkeup bari nangkarak, pek ku maneh serednya! Gegel bae buntut aing lalaunan, ulah tarik teuing da nyeri.
Ceuk nu bikang, “Tah, enya bae mending kitu bae. Pek geura ranggeum atuh endogna! Kade bae ulah tarik teuing bisi peupes, keun kuring anu ngagusur na mah”.
         

Tah tidinya eta endog teh ditangkeup kunu jalu, tuluy durugdug digusur kunu bikang nepi kana liangna pre bae eta endog teh dipeupeuskeun. Hekak diharakan ku duaan mani ngareunaheun naker turug-turug tumaninah deui henteu haringhang cara di imah jelema. Endog hiji teh nepi ka beak, dihakanan ku duaan. Sanggeus ngahakanan endog, eta beurit sajodo teh harees.
          Mung sakitu dongeng ti simkuring mugi aya mamfaat na, tiasa janten pangajaran keur urang sadaya, diantarana bae urang kudu pinter, loba akal jeung ulah putus harepan lamun aya masalah.
          Pamungkas ti simkuring, nyanggakeun sabrang salayan lebet ka cabe mah henteu, nyanggakeun tambi lumayan lebet ka sae mah henteu.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
READ MORE - Beurit Pinter

Dongeng Sunda Bangkong Sombong





Kacaritakeun di hiji tempat nyaeta di sisi balong, loba sato anu ngadon imah-imah, nyarieun liang di dinya. Anu matak lamun reup peuting teh di dinya sok rame. Bangkong kang-keng-kong, gaang ngear, ditema ku sora-sora sato sejenna saperti jangkrik jeung cihcir ti jauhna. Malah sora bueuk oge aya.
Komo peuting harita mah keur hade poena. Sakadang Bangkong anu matuh di sisi balong, teu eureun-eureun kang- keng-kong, patembalan jeung sora sato sejenna, kawas anu patarik-tarik. Mangkaning bangkong jalu jeung geus kolot deuih. Atuh sorana oge tarik jeung agem.
Keur ngeunah-ngeunah tetembangan bari diuk dina daun tarate, torojol Sakadang Kadal, nyampeurkeun ka Sakadang Bangkong. Pok Sakadang Kadal ngomong, "Pangapunten Sakadang Bangkong, tetembanganana ulah tarik-tarik teuing!"
"Naha? Sora-sora kuring, anu tembang-anu tembang kuring, naha make ulah tetembangan?" tembal Sakadang Bangkong.
"Lain ulah tetembangan, ngan ulah tarik teuing we, Malah mun bisa mah tetembanganana ulah di dieu!" ceuk Sakadang Kadal deui.
"Naha? Imah-imah kuring, rek kitu rek kieu, nya kumaha kuring we atuh!" ceuk Sakadang Bangkong teugeug.
"Lain kitu, anak kuring keur gering, perlu istirahat. Tapi ayeuna teu bisa sare, lantaran kagandengan ku sora anjeun!" ceuk Sakadang Kadal.
"Eta mah salah sorangan atuh. Naha make hayang boga imah deukeut imah kuring? Apan nyaho kuring mah unggal peuting oge sok tetembangan!"
"Maksud kuring teh lain nyaram tetembangan. Ngan peuting ieu mah, sapeuting we, tetembanganana ulah di dieu!"
"Nya teu bisa atuh! Mun arek oge anjeun jeung anak anjeun anu indit ti dieu!"
Ngadenge omongan Sakadang Bangkong kitu, Sakadang Kadal henteu nembal deui. Manehna balik, sup kana liangna. Teu bijil-bijil deui.
Ari Sakadang Bangkong terus bae tetembangan. Malah siga anu ngahajakeun. Ayeuna mah tetembanganana bari jeung ngengklak sagala. Beuki lila beuki tarik, jeung beuki maceuh bae. Nepi ka teu kanyahoan yen ti tatadi manehna keur diintip-intip ku oray cai sagede leungeun budak. Gep bae Sakadang Bangkong teh disamber ku oray. Teu bisa hojah deui. Sakadang Bangkong anu sombong teh ayeuna mah teu bisa tetembangan deui, da tuluy diteureuy buleud ku oray tea.
Tah kukituna rehna anu sombong teh moal mawa berkah tapi bakal cilaka ku polah sorangan.
READ MORE - Dongeng Sunda Bangkong Sombong

Format Laporan Kinerja Kepala Sekolah SD


Bagi yang membutuhkan Format Laporan Kinerja Kepala Sekolah (SD) silahkan download
Klik DISINI
READ MORE - Format Laporan Kinerja Kepala Sekolah SD

Format Laporan Bulanan Taman Kanak-kanak

Format Laporan Bulanan Taman Kanak-kanak (TK)  (tinggal edit dan input data yang sesuai dengan data sekolah
silahkan download langsung melalui link di bawah ini.

Format Ms. Excel Download Disini

Untuk mempercepat download setelah masuk ke web adf.ly dan seluruh tampilan web muncul kemudian klik SKIP AD
READ MORE - Format Laporan Bulanan Taman Kanak-kanak

Photo Frame PNG 17


Photo Frame PNG 17

READ MORE - Photo Frame PNG 17

Photo Frame PNG 16


Photo Frame PNG 16

READ MORE - Photo Frame PNG 16

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...
 
free counters
SEO Stats powered by MyPagerank.Net

Followers

Untuk berlangganan artikel masukan email anda di sini:

Delivered by FeedBurner

IP

Daftar Isi

© Copyright 2010. klikonlinegue.blogspot.com . All rights reserved | klikonlinegue.blogspot.com is proudly powered by Blogger.com | Template by o-om.com - zoomtemplate.com